Pancasila Tetap Omon
Oleh:
Ganjar Kurnia
Terasjabar.co – Salaku kecap, Pancasila téh séhat walafiat. Inyana sok nangtung gagah dina baliho, dicitak kandel jadi backdrop seminar, dinyanyikeun dina upacara, dicutat dina biantara, ngan hanjakal mimindengna sok dipopohokeun kitu waé, lamun keur rapat anggaran. Pancasila mindeng ogé ditempatkeun siga tamu kahormatan dina pésta kanagaraan: disambut di panto hareup, dibéré korsi pangtengahna, dipotrét bareng jeung pajabat, tapi waktu kaputusan penting ditetepkaeun, tara diajak nyarita. Pancasila sering ngan saukur dijadikeun hiasan moral. Siga kembang plastik di kantor, katingalina éndah, moal kungsi “layu”, tapi ogé moal kungsi seungit.
Unggal aya masalah bangsa, Pancasila geuwat digeroan. Lamun rahayat ribut soal harga béas, jawabanana Pancasila. Lamun démokrasi batuk-batuk, ubarna Pancasila. Lamun kaadilan sosial kasasar di jalan tol, patugas langsung nyarita: “Hayu urang balik deui ka Pancasila.” Pancasila saolah-olah alamat dina “Google Maps” anu bisa dipencét sakali, tuluy sakumna jalma otomatis nepi ka tujuan. Dina kanyataanana, justru mindeng sabalikna. Pancasila dijadikeun slogan pikeun nutupan kanyataan yén urang can bener-bener ngalaksanakeunana. “Ketuhanan” disebut sababaraha kali, tapi korupsi tetep dipigawé kalayan khusyu jeung berjama’ah. Kamanusaan dibacakeun ku sora ngageter, tapi jalma leutik ngan dijadikeun catetan suku. Persatuan digorowokkeun di podium, tapi béda saeutik atawa kritis sok langsung dicuriga jadi ancaman. Karakyatan diagung-agungkeun, tapi sora rahayat mindeng ngan diperlukeun waktu pamilu. Kaadilan sosial anu ditulis pangahirna, nya adilna ogé mindeng datang pangtelatna.
Pancasila ogé, kadang-kadang, jadi sabangsa “password” kabangsaan. Saha waé anu nyebut pangtarikna, dianggap nasionalis. Teu penting naha kalakuanana adil atawa henteu. Teu penting naha kakawasaanana nindes atawa henteu; anu penting apal kana runtuyan sila, beungeut serius, leungeun katuhu dina dada, jeung intonasi siga anu keur macakeun béja kapapaténan. Tuluy lahirlah jalma-jalma Pancasila vérsi administrasi. Maranéhna apal téks, tapi poho kana kontéks. Maranéhna lancar nyarita persatuan, tapi resep ngabeulah masarakat jadi “urang” jeung “maranéhna”. Sok sering nyebut gotong royong, tapi waktu rahayat butuh pitulung, anu datang pangheulana téh formulir, lain bantuan. Osok nyarita musyawarah, tapi kaputusan geus dijieun saméméh rapat dimimitian — nepi ka musyawarah téh, kari jadi acara maca hasil anu pura-pura can réngsé.
Pancasila ogé jadi korban paling sopan tina kamunapékan nasional. Sanajan teu kungsi ambek, Pancasila ngan nangtung dina témbok kelas, kantor kalurahan, rohangan sidang, jeung aula hotél béntang, nyaksian manusa Indonésia biantara ngeunaan ajén-inajén luhur bari cicing-cicing nilep proyék, muru jabatan, jeung mentingkeun kapentingan. Kadang Pancasila kabayang keur diuk ngalamun di juru nagri. Maké jas kucel, mawa map, sarta nungguan digeroan—lain pikeun dilaksanakeun, tapi pikeun dibacakeun. Ngaranna disebut, mimindengna ngan keur bubuka acara.
“Pancasila, mangga dihaturanan,” ceuk panata acara.
Pancasila nangtung. Panata acara neruskeun ucapan deui. “Hatur nuhun. Ayeuna urang teraskeun kana sési utama: babagi kakawasaan,”
Nasib Pancasila ngan jadi bubuka, lain pituduh. Jadi yél, lain jadi étika. Jadi poster, lain paripolah. Jadi apalan, lain kasadaran. Padahal Pancasila téh teu loba ménta. Ngan ménta supaya Gusti Alloh teu dijadikeun cap pikeun ngabohong, supaya manusa teu ngan dijadikeun angka statistik, supaya persatuan teu robah jadi penyeragaman, supaya démokrasi teu jadi pasar malem kakawasaan, supaya kaadilan sosial teu ngan sakadar datang dina biantara pajabat saméméh dahar beurang.
Palebah dieu bangsa urang mah hébat. Ahli nyieun ajén inajén anu luhur jadi acara sérémonial. Dasar nagara dijadikeun téma seminar, moral dijadikeun tagline, kajujuran dijadikeun lomba biantara, kaadilan dijadikeun hiasan hukum. Bisa jadi, dina hiji poé mah Pancasila bakal bosen jadi slogan, terus turun tina témbok, kaluar tina buku pangajaran, leumpang ka pasar, sawah, sakola, kantor pajeg, pangadilan, kampus, jeung rohangan rapat, ngetrokan méja para pamingpin, tuluy nanya lalaunan:
“Sadérék-sadérék, salila ieu kuring ngan saukur dibaca, iraha rék mimiti dipraktékkeun?”
Sarerea jempé. Lain ku sabab kageuri haténa, tapi lantaran moderator can ngabuka sési tanya jawab.
Saenyana henteu dijalankeun Pancasila dina kahirupan sapopoé téh, lain karék ayeuna-ayeuna. Ti baheula mula, ti mimiti Pancasila disebut sakti, anu raména téh, ampir unggal imah marasang tulisan jeung gambar Pancasila pagedé-gedé, pahadé-hadé. Dicét warna-warni dina papan, tuluy dipasang di sisi jalan hareupeun imah masing-masing. Kusabab kitu, teu anéh lamun jaman harita loba anu nyebutkeun, yén Pancasila téh lain “dijalankeun” tapi “dikajalankeun”. Saterusna, istilah Pancasila dikajalankeun téh jadi bahan lulucon, saperti kieu:
“Kacaturkeun Mang Jaya nyieun tulisan dina papan, dialus-alus, anu unina: PANCASILA TETAP JAYA, terus dipasang hareupeun imahna. Ningali kitu, Mang Omon tatanggana ngarasa teu ngeunah, asa kasaingan. Teu éléh géléng, tuluy wéh nyieun tulisan anu leuwih gedé deui: PANCASILA TETAP OMON.






Leave a Reply